Kokoprak Leungit

“KOKOPRAK LEUNGIT”

By. KANG IKIN
Language / Sundanese
Production / 1966 Asmawi prod.co
Genre / poem
Length / 9 alinea

=========:============

# waktu harita tangari gede
  Aya munding guyang disawah
  Sisada manuk maninin dicigede
  Sihoreng budak leutik dahar uyah

# diintip diluhur para
  Dilalajo jeng baraya
  Kunaon ari para kaya
  Pararoho kanu nyesa

# isuk isuk urang siduru
  Sabari sasimbut jeng gigisik
  Ulah osok ngadahar sangu
  Lamun henteu jeng lauk betik

# moe pare panas alit
  Nga geubah pake kokoprak
  Poho kana budak letik
  Kahade bisi kena gorobag

# kalapa kiring kalapa hejo
  Diasak diluhur hawu
  Kakarak gering kaluar leho
  Dihakan campur sangu

# lamun budak gogoakan
  Nini nini eker moyan
  Aki aki resep dandan
  Pamuda beki menyan

# jaman tos tibalik
  Nu jauh karasa deket
  Nu deket karasa jauh
  Ngahareos disisi bilik

# jawer kotok warnana bereum
  Jalu bodas eweuh kasieun
  Haritamah masih bageur
  Kuarimah rada haseum

 

# kikiping jeng kolocer

  Sisada babarengan

  Eling eling bisi loncer

  Hudang isuk ulah beurang

===========&&=========

untitled (1 of 1)-25
anak-anak bermain